GIAT ( GIGIH - IMAN - AKTIF - TAQWA )

Minggu, 22 November 2009

Tatarucingan Yuuu..


zwani.com myspace graphic comments
Cing jawab pertanyaan di handap.....Nu bener kabeh dibere hadiah     
 " Permen CapSinga "
 



 
Nyangakeun ieu tatarucingan, etang-etang hiburan panglipur lara sok emut jaman baheula urang keur leutik sok tatarucingan jeung kolot sok wararaas ieu tatarucingan teh kaihlaman ku janten raka nu nuju didamel di amerika anjeunan dina facebook ngayakeun grup tatarucingan ari sugan teh lain raka eh pek teh gening kang asep saurna sono kana basa sunda nya sim kuring ngayakeun tatarucingan ieu teh supados majangkeun babarayaan jeung urang sunda hususna sanes urang sunda ge mangga bebas nebak sawios lepat ge ku abdi dilereskeun anu leres ke dipasihan hadiah, hadiahna du’a weh nya mugia sing panjang yuswa, sing ageung rejeki, sing laksana naon nu dipikahoyong, sing salamet dunya aherat…surga..amminn


* 1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara ?
* 2. Hayam naon anu sukuna sarebu?
* 3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?
* 4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan?
* 5. Sato naon anu teu bisaeun mundur?
* 6. Bangku naon anu bisa didahar?
* 7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut?
* 8. Batu naon anu teu aya di cai?
* 9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?
* 10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat?
* 11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet?
* 12. Hayam naon anu sukuna hiji?
* 13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik?
* 14. Gajah tumpak beca, gede naonna?
* 15. Baso dibalikkeun jadi naon?
* 16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan.?
* 17. Nini-nini bongkok kumaha sarena?
* 18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?
* 19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
* 20. Naon sababna ban mobil tina karet?
* 21. Sapi naon anu bau?
* 22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ?
* 23. Naon bedana sarimie jeung nini-nini?
* 24. Pribumi di luar ari semah di jero ?
* 25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang?
* 26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun?
* 27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon?
* 28. Hayamna bodas, naonna anu hideung?
* 29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?
* 30. Jam naon anu bisa nembang?

sok ayeuna tong isin-isin waler weh tatarucingan nu du luhur ieu,..bebas ,,,tong sarius teuing ngemutan S.E.O sok lieur duka iraha atuh ah..hoyong ka lacak mbah google teh…duka ieu wp simkuring di banned moal nya? seueur share software bae ah lieur..ayeuna waler weh tatarucingan simkuring..wilujeung prung ahh..walerna bebas nomber sabaraha wae asal cantumkeun nomberna meh pugguh..

Senin, 16 November 2009




Ciluuuukk....Bakekok...!!!

" Nu ieu yeuh..... Eta gambar " Uka - uka " Awas ngegel Punduk........!!!!
uhun...makana upami bade nganilai jalmi mah tong waka ningali tina penampilan atawa nu acan jelas "jerona" maksudna pami can katingali sakabeh tingkah lakuna, tong waka nyebatkeun ka jalmi eta Sae atawa hebat....cing tingali heula eta "Lambeyna" Hiiiiii.....Eta matak nipu ka diri urang...

Rabu, 11 November 2009

Klik di sini buat download RPP PENJAS ORKES dll

Bagi ente-ente yang butuh RPP, Atawa Dokumen lain... Disini bisa di download Full gratis.... Tapi Ente Musti Login Dulu.... Ikuti Petunjuknya...smoga bermanfaat...

palanyar 2 crew


"Kami takan pernah lelah memberikan yang terbaik bagi anak-anak didik kami....... sekali pun tantangan dan hambatan datang ....hanya satu tekad kami...HABIS GELAP TERBIT TERANG....Ilove you Full...

Selasa, 10 November 2009

ALBUM

ALBUM

NISN